paguneman bahasa sunda 6 orang tentang liburan
B. Daerah
annisa1539
Pertanyaan
paguneman bahasa sunda 6 orang tentang liburan
1 Jawaban
-
1. Jawaban salsabilaputriw3
Di hiji dinten, aya dua siswa anu saling bersaingkulantaran hayang meunangkeun saurang awewe.
Dua siswa eta namina Dudung jeung Maman.Samentawis eta siswi anu diparebutkeun teh naminaJulaha Gomez blasteran Sunda jeung Korea.
Dihiji waktos, maranehna teu kahaja patubruk.
Dudung :
Jalan-jalan ka kebon teh
Ka dituna naek mobil Toyota
Heh man! lamun leumpang teh
Cik atuh make mata
Maman :
Ka bandung meuli paralon
Dijalan na nimu buku
Aeh dudung meni boloon
Da leumpang mah make suku
Ngaleos weh si Maman
Teu lami si Dudung ningali Leha sareng Encun nujucalik dihiji korsi, Dudung nyamperkeun Leha.
Dudung :
Si mang tata keur nulis
Nulisna bareng si neng Ayu
Aduh eta eneng geulis
I just wanna say I love you
Encun :
Meuli kurudung ka bi Eha
Model kurudung na sararae
Duh si Dudung ngarayu si neng Leha
Jiga nu si lehana rek bogoheun wae
Leha :
Jalan-jalan ka Cileumbu
Dijalan nimu nu keur konvoy
Duh meni langsung ngomong I love you
Alim ah da aa mah playboy
Akhirna neng Leha jeung Encun ngaleos ninggalkeunDudung
Dijalan neng Leha jeung Encun pa amprok jeungMaman
Maman :
Kamari kapendak bi Eha
Numpak motor sareng mang Nana
Aeh ka pendak neng Leha
Neng leha geulis bade kamana ?
Leha :
Meuli opak ka si Miman
Dua rebu sabungkusna
Aduh eta si a Maman
Bisa wae ngagombalna
Encun : “Ndeukhhh… Ekhemmm..”
Teu dihaja, Dudung ngadangu eta percakapan Lehasarta Maman teh.
Dudung : “Tempokeun wae engke, hahaha”
***
Wangsul ti sakola, Dudung kenging alamat saurangdukun modern ti rerencangana.
Enjingna si Dudung angkat ka tempat eta panyantetan
Dudung :
Si neng Engkum nuju hareeng
Da kamari ngadahar ketan
Assalamu’alaikum punten eneng
Bade tumaros bener ieu teh tempat panyantetan
Asisten Dukun :
Ka jatiwangi meser kenteng
Mangkat ka dituna poe rebo
Sangeunahna wae manggil eneng
Da urang mah lain anak kebo
Asisten Dukun : “Enya deuhh benerr”
Dudung langsung dianteur ka ruang dukun
Dukun :
Ka sumedang meser sampeu
Meser sampeu na sakarungen
Aya perlu naon ujang kadieu
Sigana ujang aya pikiraneun
Dudung : “Muhun mbah, abdi aya pikiraneun. Mikiran si Julaeha.”
Dukun : “Oh…. Jadi ujang kadieu teh mentapangmeletkeun si Julaeha?”
Dudung : “Muhun mbah.”
Dukun : “Yeuh ku mbah dipasihan cai tong hilapdileueutkeun ka Julaeha.”
Dudung : “Hatur nuhunnya mbah tur caina, ieu mbahartosna.”
Dukun :
Si adul nuju meser kopi
Meser kopi na ka arab
Ieu artos ku abdi di tampi
Mugia peletna sing mujarab
Enjingna Leha sareng Encun nuju calik di kantinsabari emam mie tek-tek ti bibi Ida, Leha ngajakEncun ka wc, teras dongkap si Dudung ngadatanganmeja Julaeha. Dudung teh ngalebetkeun ramuan nu di pasihan ti dukun ka gelas nu disangka gaduh Leha.Dudung teras nyumput di balik tembok kanggo ningalireaksi Leha.
Leha sareng Encun uih deui ka Meja na
Leha : “Cun, leres kan ieu minuman abdi.”
Encun : “Enya asanamah leres.”
Leha sareng Encun ngaleueut cai anu teu dipikanyaho patukeur.
Saentos ngaleueut eta cai eta, Encun jadi bogoh kaDudung.
Encun : “Dudung………..”
Dudung : “Eh…..ehh nanaonan ieu teh?”
Encun : “Ai dudung atuh meni kasep pisan.”
Dudung : Oh nya enya atuh, abdi mah tos kasep tibaheula, encun nembe nyadar?”
Leha nyamperkeun Encun
Leha : “Encun nuju naon di dieu?”
Encun : “Nuju nyarios keun si kasep.”
Leha : “Si kasep? Saha?”
Encun : “Eta aa Dudung.”
Di jero hatena Dudung lieureun kusabab reaksi Lehabiasa wae, tapi malah Encun nu jadi bogoheun.
Dudung :
Jalan-jalan meser sate
Meser sate ka mang Dede
Neng leha geulis tong beubeulem hate
Hate aa mah kanggo neng Leha wae
Leha : “Ih ai dudung meni geer pisan.”
Encun : “Dudung tong kitu, teu ngarasakeun pisan pan aya encun di dieu, kunaon ngalirik neng leha?”
Leha : “Oh, dudung teh tos bobogohan sareng encun ?”
Dudung : “Haaahhh?? Henteu tong salah paham.”
Encun : “Enya muhun nembe wae kamari jadian.
Dudung : ????
Encun : “Hayu atuh neng abdi sareng aa dudungmayunan (sabari ngagandeng leungen dudung)
Saminggu saentosna, Julaeha jadi kabogoh Maman, teras Encun tetep ngudag-ngudag dudung saterasna.