Bahasa sunda. Jieun kalimah tina kauntungan,kacumponan,kadaleman,jatangtuan
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina nyieun kalimah basa Sunda pasti aya patalina jeung ragam basa anu digunakeun. Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta basa lemes jeung basa kasar atawa loma. Istilah baku tina basa lemes nyaeta Ragam Basa Hormat / Lemes. Sedengkeun basa kasar atawa loma disebutna Ragam Basa Loma. Aturan anu ngatur ragam basa anu aya dina basa Sunda disebutna Tatakrama Basa Sunda.
Pembahasan
Kecap-kecap kauntungan, kacumponan, jeung kadaleman bisa digunakeun boh dina kalimah lemes boh dina kalimah kasar. Sedngkeun kecap katangtuan ngan saukur bisa digunakeun dina kalimah kasar wungkul. Sedengkeun lemesna tina kecap katangtuan nyaeta katangtosan. Di handap ieu nyaeta conto kalimah basa Sunda anu ngagunakeun kecap-kecap kauntungan, kacumponan, kadaleman, jeung katangtuan:
1. Kauntungan taun ieu leuwih gede umpama dibandingkeun jeung taun katukang
2. Pak Sapri ngarasa kacumponan cita-citana sanggeus anakna lulus jadi sarjana
3. Dina masa Kadaleman Tasikmalaya, budaya Sunda teh karasa aya kamajuan
4. Tatakrama Basa Sunda teh eusina nyaeta katangtuan ngeunaan ragam basa Sunda anu merenah
Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa jeung anu dihormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung jalma anu geus akrab. Dina Ragam Basa Hormat / Lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur.
Hiji kecap kadang-kadang miboga basa lemes jeung kasarna, tapi kadang-kadang henteu boga. Ku kituna dina ngalarapkeun Tatakrama Basa Sunda kudu mindeng dipraktekkeun jeung mindeng nempo catatan ngeunaan Tatakrama Basa Sunda. Contona, saperti kecap kacumponan bisa digunakeun pikeun kalimah lemes jeung kalimah kasar, sedengkeun kecap nyumponan miboga kecap lemesna, kecap lemesna tina nyumponan nyaeta nyaosan.
Pelajari lebih lanjut
1. Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
2. Tingkatan bahasa dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/6748792
3. Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman
Bab : 1
Kode : 7.13.1
Kata Kunci : Kalimah basa Sunda, ragam basa hormat, ragam basa loma