B. Daerah

Pertanyaan

cikaracak ninggang batu laun laun jadi Legok Hartina

1 Jawaban

  • Hartina cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok nyaeta sakumaha hesena ku dileukeunan mah lila lila jadi bisa. Eta kalimah atawa kekecapan teh dina basa Sunda disebut paribasa. Paribasa nyaeta salah sahiji rupa tina pakeman basa. Kecap atawa kekecapan dina paribasa biasa ngagunakeun ragam basa loma. Tapi paribasa bisa dilarapkeun boh dina ragam basa loma boh dina ragam basa hormat / lemes.  

    Pembahasan

    Dina paribasa biasa digunakeun kecap atawa kekecapan anu miboga harti denotatif jeung harti konotatif. Harti denotatif nyaeta harti saujratna. Sedengkeun harti konotatif nyaeta harti injeuman. Hiji kecap atawa kekecapan dina paribasa bisa miboga harti denotatif jeung harti konotatif anu padeukeut atawa pajauh. Paribasa cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok miboga harti denotatif jeung harti konotatif anu padeukeut.

    Pelajari lebih lanjut

    • Patalina pakeman basa jeung kahirupan sapopoe https://brainly.co.id/tugas/8175337
    • Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
    • Bedana paribasa jeung babasan https://brainly.co.id/tugas/12436631

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : XI

    Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Pakeman Basa

    Bab : 5

    Kode : 11.13.5

    Kata Kunci : Cikaracak ninggang batu

Pertanyaan Lainnya