B. Daerah

Pertanyaan

jieun kalimah tina kecap mawa,ngabantun,nyandak

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Kelas : - (SMP)

    Pembahasan :

    Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung jalma atawa babaturan anu geus loma atawa akrab.

    Dina Ragam Basa Hormat / Lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Basa lemes pikeun ka sorangan oge bisa dilarapkeun ka sasama atawa ka anu sahandapeun.

    Kecap mawa nyaeta kecap anu biasa digunakeun dina Ragam Basa Loma. Kecap ngabantun biasa digunakeun dina Ragam Basa Hormat atawa lemes pikeun ka sorangan. Sedengkeun kecap nyandak asa digunakeun dina Ragam Basa Hormat atawa lemes pikeun ka batur anu saluhureun atawa anu dipikahormat.

    Aturan atawa katangtuan anu ngatur ragam basa nu aya dina basa Sunda sok disebut Tatakrama Basa Sunda. Di handap ieu nyaeta conto kalimah basa Sunda anu ngagunakeun kecap mawa, ngabantun jeung nyandak dina Ragam Basa Loma jeung Ragam Basa Hormat / Lemes :

    1. Udin keur indit ka bank rek mawa duit (Ragam Basa Loma)

    2. Abdi nuju mios ka bank bade ngabantun artos (Ragam Basa Hormat / basa lemes pikeun ka sorangan)

    3. Pa guru nuju angkat ka bank bade nyandak artos (Ragam Basa Hormat / basa lemes pikeun ka batur anu saluhureun atawa anu dipikahormat)

    Kata Kunci : Mawa, ngabantun, nyandak, ragam basa hormat, ragam basa loma

Pertanyaan Lainnya