jieun kalimah tina kecap bapa,istri,lanceuk,indung [B.Sunda] Jawab yang bener !
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dina basa Sunda kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa, nyaeta genep ragam basa lemes jeung dua ragam basa loma atawa kasar. Aturan anu aya patalina jeung dalapan ragam basa eta disebutna Undak-usuk Basa Sunda. Tapi kiwari dina basa Sunda ngan saukur aya dua ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Salian ti eta, istilah Undak-usuk Basa Sunda oge kiwari mah geus diganti istilahna, nyaeta jadi Tatakrama Basa Sunda.
Dina Ragam Basa Hormat / Lemes aya dua ragam basa lemes, nyaeta ragam basa lemes pikeun ka diri sorangan jeung ragam basa lemes pikeun ka batur. Sedengkeun dina Ragam Basa Loma mah henteu aya pangbeda saperti anu aya dina Ragam Basa Hormat / Lemes. Di handap ieu sawatara contoh kalimah basa Sunda anu ngagunakeun basa loma atawa kasar, basa lemes pikeun ka diri sorangan, jeung basa lemes pikeun ka batur:
1. Kuring dibere duit ku bapa kuring (ragam basa loma). Pun bapa nuju tuang di kantin(ragam basa lemes pikeun ka batur).
2. Putrana Pa guru aya dua, duaannana istri (ragam basa lemes pikeun ka batur)
3. Lanceuk kuring ayeuna keur indit ka Bandung (ragam basa loma). Pun lanceuk ayeuna nuju angkat ka Bandung (ragam basa lemes pikeun ka batur)
4. Kuring dititah balik ka imah isukan ku indung kuring (ragam basa loma)
Belajar lebih banyak tentang "Ragam Basa" dalam bahasa Sunda di :
https://brainly.co.id/tugas/12249298
https://brainly.co.id/tugas/12443320
https://brainly.co.id/tugas/320344
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Kelas : - (SMP)
Kata Kunci : Ragam Basa Hormat, Ragam Basa Loma, Undak-usuk Basa Sunda, Tatakrama Basa Sunda